Tukang atawa patukangan dina bahasa sunda

Lamun urang ngabahas Tukang atawa patukangan dina bahasa sunda, pasti urang bakal nyangkut kana pagawean-pagawean anu tos ilahar di lakonan di perkampungan, sanajan lolobana patukangan teh geus jarang di lakonan,sabab. jaman geus modern
ngaran patukangan dina bahasa sunda
  1. Anjun  = Tukang nyieun parabot tina taneuh
  2. Bujangga/pujangga = Tukang nyieun/nulis carita
  3. Candoli = Tukang Ngajaga Pabeasan Dinu hajat
  4. Gending = Tukang Nyieun parabot tina kuningan
  5. Kabayan = Tukang dititah kadieu kadieu
  6. Kemasan = Tukang Nyieun perhiasan tina emas
  7. Kuncen = Tukang ngurus kuburan atawa tempat karamat
  8. Legig = Tukang ngasruk dina pamoroan
  9. Malim = Tukang meruhkeun sato galak
  10. Marangi = Tukang nyiuen sarangka keris
  11. Nyarawedi = Tukang Ngagosok Permata
  12. Pakacar = Tukang ngaladenan/ Bubujang/Pembantu
  13. Palendang = Tukang ngieun parabot tina tembaga
  14. Palika = Tukang teuleum/Tukang ngala lauk
  15. Pamatang = Tukang moro ngagunakeun tombak
  16. Pamayang = Tukang ngala lauk di laut
  17. Panday = Tukang nyieun parabot tina besi saperti " bedog,pahat,pacul jeung rea deui"
  18. Paneresan = Tukang Nyadap
  19. Paninggaran = Tukang moro ngagunakeun bedil
  20. Sarati = Tukang ngusir/meruhkeun gajah
Tah eta diantarana patukangan patukangan dina bahasa sunda

Advertisement
Tukang atawa patukangan dina bahasa sunda